What is Guano Fertilizer ?

Cerpen Bahasa Sunda : Rusiah Bulan Jeung Bentang (ku Kania G. L. SMAN 3 Garut )



Rusiah Bulan Jeung Bentang

Bentang baranang ngalengkepan kaendahan peuting. Kuring asa diajak ngobrol ku bulan anu bolotot tur bentang nu sing kariceup itu. Bulan neuteup ka kuring nu tanggah ka langit dina jandela.
Rupi-rupi pasualan anu minuhan emutan. Kalang-kalang kuring sok hayang tumanya ka bulan, naha bulan bet aya ngan ti peuting? Naha bet ngan hiji bulan teh? Tapi bulan ngan ngawaler ku polotot tur ku caangna. Kuring nanya deui ka bentang. Naha bentang bet marengan bulan? Naha bentang meni satia? Tur naha sarua caangna siga bulan? Tapi bentang ngan ngiceupan kuring. Ku aneh oge, naha peuting teh bet poek? Kuring kungsi nanyakeun ka Jana.
“ Jan! Nahanya peuting bet poek?”
“ Ah eta mah tos katangtosan ti gusti Allohna kitu Shan.”
“ Tapikan pasti aya alesanna Jan?”
“ Alesanna ah eta we meureun pedah langitna hideung, cobi pami biru meureun siga beurang.”
“ Kutan! Kitu geningnya?”
“ Meureun eta oge Shan.” Seuri bari gagaro sirah teu ateul. Hiji pasualan kuring kawaler ku Jana.
Teu karaos waktos nyerelek, tos waktosna kuring nyerelekkeun hordeng jandelana. Sateuacan mondok kuring ngadu’a ka Alloh oge miharep mugia kuring bias nemu waleran tina sadaya pasualan kuring perkawis bulan jeung bentang.
~ ~ 888 ~ ~
“ Kring! Kriiiing! Kriiiiiinngg!” Sora alarm. Tabuh tilu, kuring gugah teras sholat tahajjud. Teu hilap pas ngadu’a kuring miharep deui ngarah tiasa gancang neu waleran tini pasualan kuring tea.
Bari ngantosan adzan subuh kuring ngaderes Qur’an, kaleresan Qur’anna tarjamah janten kuring tiasa terang kana ma’nana. Kuring kungsi macadina Qur’an yen Alloh nyiptakeun sagala perkara pasti gaduh manfa’atna. Kuring ngemut janten Alloh nyiptakeun bulan, bentang, peuting, beurang pasti aya manfa’atna. Tah sabab eta, kuring yakin ke kuring bakal nemu waleran tina pasualan kuring. Da ari ku bener-bener mah usahana pasti tiasa. Leres teu?
Saatos sholat subuh kuring ngapalkeun sakedap teras ngabantosan ambu sareng abah. Tos kitu mah kuring mios ka sakola.
~ ~ 88 ~ ~
Kuring sakola di SMAN 3 Garut kelas XI-A2.
“ Teng nong nengg…. ~ ” Bel sakola tos nyora pas kuring lebet ka kelas.
“ Eh Shandi ! ku angger anjeun mah, meni tepat-tepat teuing ka sakola teh, bel disada anjeun jol.” Nunik nyorocos nyampeurkeun bangku kuring.
“ Keun atuh Nuniiik, eta teh disiplin tepat waktu, bel disada abdi jol. Pas kan?” kuring ngawaler.
“ Muhun sih, tapi rada tanginasan sakedik atuh jang Shandaa..”
“ iih naha bet kudu tanginasan. Yeuh nya kuring ah hayang siga panon poe. Pas hayam jago disada panon poe ge jol.”
“ Ehh diwartosan teh nya, terserah ah ! “ Nunik ngaleos.
“ Eh Nunik !”
“ Kah ? Aya naon deui?” Bari ngalieuk.
“ Engke ah cerewetna tanginasan supados abdina teu ka bagean cerewetna haha ” kuring ngelellan Nunik.
“ SHANDA !! Awas anjeun !” Nunik nunjuk ka kuring.
“ Ahahaha naon sok? Sok naon?” Kuring ngalelewe.
“ Nunik sabar, sabarnya Nunik..” Nunik ngupahan nyalira bari ngusapan dadana.
Kuring ngan bisa seuri ninggali sikep Nunik. Kuring sok resep ngaheureuyan Nunik margi kuring sok sono ninggali sikep oge rarayna anu bear marahmay.
Kuring kakara nyadar gening Nunik teh siga bulan. Bulan sok aya ngan wengi, kitu oge Nunik ngan aya di manah kuring (adeuuhh..) Pami wengi bulan ngan aya hiji, kitu oge dimanah kuring ngan aya hiji Nunik. Padahal ratusan jalmi anu namina Nunik tapi ngan hiji Nunik nu eta nu aya dina manah. Kuring mesem atoh.
Heup! Nah, dua pasualan kawaler ku kuring sorangan.
“ Jana! “ Kuring malik ka Jana anu aya di gigireun.
“ Kunaon ari Shanda? Meni rariweuh!” Jana ngadelik aneheun.
“ Oh.. Eh.. Heunteu ketang” kuring seuri bari ngagerakkeun panangan siga nu dadah.
“ muhun atuh ari tos nyadar mah.” Jana nepak punduk kuring.
“ Maksadna nyadar?”
“Heunteu, bisi we kasurupan keneh.”
“ Eyy saha nu kasurupan?”
“ Atuh da meni rariweuh, gogorowokan deuih.”
“ Tapi da heunteu kasurup…. “ teu acan beres kuring nyarios, biwir kuring di bekep Jana.
“ Jempe ! tinggali tuh bapa guru tos sumping.” Jana haharewosan. Kuring unggeuk teras nyiapkeun buku kangge diajar.
Kuring ninggali ka Nunik. “ Geulis anjeun teh ari teu nuju ngambek mah.”
“ Saha nu geulis??” kakupingeun ku Jana.
“Heunteu, itu cak-cak di luhur meni geulis.”
“ Maenya??” Jana panasaran.
“ Sok we tilikan geura!” Jana tanggah nilikan kageulisan cak-cak anu napel di para.
“ Ngagugu we ari Jana hahaha…. “
~ ~ 88 ~ ~
Tilu jam tos liwat, waktosna istirahat. Kuring ninggali Nunik anu calik dibangku payun.
“ Hayu Rena! Abdi tos lapar yeuhh..” Nunik ngajak istirahat ka Rena bari rada ogo.
Manah kuring ngageretes. “Duh.. ari neng Nunik eta sikep ogona oge meni lucu.”
                “ Nunik laparnya?? Ulah ka kantin ah Nunik ah sok nyeepkeun jajanan di kantin.“ Kuring ngaheureuyan deui Nunik.
                “ Ey.. Naha kitu Shanda mah. Shanda we meureun anus ok nyeepkeun jajanan mah.” Nunik anbek bari ngaleos ka kantin.
                “ Ahahaha.. Shanda.. Shanda.. teung teuingeun pisan ari anjeun .” Kholik nyeungseurikeun kuring nu eleh ditembal ku Nunik.
                “ Hmm.. “ Kuring tungkul pikarunyaeun.
Kholik ngusapan tak-tak kuring. “ Keun Shanda, ari ceuk abdi mah anjeun teh siga bentang, Nunik bulanna.” Kuring malik ka tukang neuteup Kholik. “ Naha bet kitu?”
                “ Kieu Shan, abdi ngaumpamakeun kitu teh da kabuktiaan. Sanajan anjeun jeung Nunik sok hareureuy, tapi gening ari di sakelompokkeun pas ngerjakeun tugas Basa Sunda kamari mah meni kompak babarengan, nya siga bulan jeung bantang pas babarengan ka tinggal sae na teh. Alloh mah meni maha saenya. Leres teu?”
                “ Leres atuh, pas pisan pami disaumpamakeun ka abdi jeung Nunik mah.”
                Tah geuning pasualan nu peuting tos ka waler ku kholik. Nyesa dua pasualan deui.
~ ~ 88 ~ ~
                Nyerelek deui waktos teh, ayeuna tos waktosna mios deui ka rorompok. Kuring mios bareng jeung Kholik, Jana tur Apep.
                Di jalan kuring nanya ka Apep.
                “ Apep! Nahanya bentang eni satia ka bulan, tiap peuting deuih naha teu cape kitu aya di gigireun bulan wae.”
                “ Ah Shan, babari atuh ngawaler patarosan eta mah. Kumaha we abdi anu satia mios sareng aranjeun. Tur kuring moal cape satia di gigireun aranjeun da kuring tos biasa, oge ngarasa klop sareng aranjeun sadaya. Kitu oge bentang sareng bulan ku klop tur kabiasaan babarengan tiap peuting.”
                “ Oh kitunya Pep, Nuhun pep!”
                “Sami-sami Shanda.”
                “ Hey! Terehan atuh mapahna !” Kholik jeung Jana ngagorowok ka kuring Jeung Jana.
                “ Hey! Tungguan atuhh…!” Kuring lumpat merik Jana.
~ ~ 88 ~ ~
                “ Assalamu’alaikum!” kuring lebet ka rorompok. Hiji pasualan deui anu teu acan kawaler.
                “ Wa’alaikumsala, kumaha jang di sakola teh?” Ambu naros ka kuring.
                “ Alhamdulillah lancer ambu, tapi abdi the gaduh hiji deui pasualan anu teu acan kawaler.”
                “ Naon pasualanna kitu?”
                “ kieu ambu, nahanya bulan sareng bentang ngaluarkeun caang nu sami bodas warnana?”
                “ Oh kitu Shan, ari saur ambu ah Alloh gaduh maksad anu sae.”
                “ Sae kumaha ambu?”
                “Muhun, Alloh nyaruakeun warna bulan sareng bentang teh kangge ngalawan poekna peuting. Bulan sareng bentang babarengan nyaangan dunya ngarah teu poek.”
                “ Kitu geningnya ambu?”
                “ Muhun Shan, teras pami ninggal bulan sareng bentang teh ambu mah sok ngemutan pami rakyat sareng pamarentah ngahiji siga kitu, babarengan ngalawan korupsi di nagara Indonesia da pasti bisanya Shan?”
                 “ uhh tangtu tiasa atuh ambu.” Kuring ninggalkeun ambu anu ngahuleng ngabayangkeun korupsi musna. Kuring bungah sagala pasualan kuring tos tinemu waleranna. ^_^

               


Komentar