Cerpen Bahasa Sunda : Rusiah Bulan Jeung Bentang (ku Kania G. L. SMAN 3 Garut )
Rusiah Bulan Jeung Bentang Bentang baranang ngalengkepan kaendahan peuting. Kuring asa diajak ngobrol ku bulan anu bolotot tur bentang nu sing kariceup itu. Bulan neuteup ka kuring nu tanggah ka langit dina jandela. Rupi-rupi pasualan anu minuhan emutan. Kalang-kalang kuring sok hayang tumanya ka bulan, naha bulan bet aya ngan ti peuting? Naha bet ngan hiji bulan teh? Tapi bulan ngan ngawaler ku polotot tur ku caangna. Kuring nanya deui ka bentang. Naha bentang bet marengan bulan? Naha bentang meni satia? Tur naha sarua caangna siga bulan? Tapi bentang ngan ngiceupan kuring. Ku aneh oge, naha peuting teh bet poek? Kuring kungsi nanyakeun ka Jana. “ Jan! Nahanya peuting bet poek?” “ Ah eta mah tos katangtosan ti gusti Allohna kitu Shan.” “ Tapikan pasti aya alesanna Jan?” “ Alesanna ah eta we meureun pedah langitna hideung, cobi pami biru meureun siga beurang.” “ Kutan! Kitu geningnya?” “ Meureun eta oge Shan.” Seuri bari gagaro sirah teu ateul. Hiji pasualan kuri...